30/03/2022
_Waktu anu lumaku marengan rengkat paripolah sakumna insan anu magelaran di alam paweunangan_.
Wanci anu pilih genti antara beurang Jeung peuting, mapaesan Jeung ngeusian ceceran ayana kahirupan.
Nitih wanci anu Mustari, ninggang mangsa anu katukang, bilih Aya tutur saur anu teu kaukur, reka basa anu pasalia.
Tinu weuningna ati anu suci, tinu mumunggang rasa anu ageung rumasa, Aya lampah anu teu meureunah tur lisan anu ngaraheutkeun manah, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa.
Weuning galih anu di pamrih, jembar manah anu di seja, mugi agung cukup lumur.
*Neda hapunteun Kana samudaya kaleupatan simkuring kalih kulawarga lahir tumakening batin*.
๐๐๐๐๐๐ณโโ๏ธ
Wilujeung mapag sasih shaum, ka sakumna Baraya facebook. mugi urang sadayana kenging berkah na ramadhan.
_*Ramadhan Syahrun 'adzimun Mubarak*_